TANBIH B.SUNDA
اِلٰ حَضْرَةِالشَّيْخِعَبْدُاللّٰهِ مُبَارَكْبِنْنُوْرمُحَمَّدْ ,اَلْفَـاتـِحَةَ
TANBIH
بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيم
bismillaahir rohmaanir rohiim
Syekh Abdulloh Mubarok bin Nur Muhammad r.a
Ieu pangeling-ngeling ti Pangersa Guru almarhum Syekh
Abdulloh Mubarok bin Nur Muhammad r.a, panglinggihan di Patapan Suryalaya
Kajembaran Rahmaniyah.
Dawuhanana: Khusus kangge kasadaya murid-murid, pameget,
istri, sepuh anom, muga-muga sing ginanjar kawilujeungan, masing-masing rahayu
sapapanjangna, ulah aya kabengkahan jeung sadayana.
Oge nu jadi papayung nagara sina tambih kamulyaanana,
kaagunganana, tiasa nangtayungan kasadaya abdi-abdina, ngauban kasadaya rahayatna,
dipaparin karaharjaan, kajembaran, kanikmatan ku Gusti nu Maha Suci dohir
batin.
Jeungna sim kuring nu jadi pananyaan Thoriqot Qodiriyah
Naqsyabandiyah, ngahaturkeun kagegelan, wasiat kasadaya murid-murid, poma sing
hade-hade dina sagala laku lampah, ulah aya carekeun agama jeung nagara.
Eta duanana kawulaan sapantesna.
Samistina kudu kitu manusa anu tetep cicing dina kaimanan,
tegesna tiasa ngawujudkeun karumasaan terhadep agama jeung nagara, ta'at
kahadorot Ilahi nu ngabuktikeun parentah dina agama jeung nagara.
Inget sakabeh murid-murid, ulah kabaud ku pangwujuk napsu,
kagendam kupanggoda syetan, sina awas kana jalan anu matak mengparkeun kana
parentah agama jeung nagara, sina telik kana diri bisi katarik ku iblis anu
nyelipkeun dina batin urang sarerea.
Anggur mah buktikeun kahadean sina medal tina kasucian:
Ka 1: Kasaluhureun ulah nanduk, boh saluhureun harkatna
atawa darajatna, boh dina kabogana, estu kudu luyu akur jeung batur-batur.
Ka 2: Kasasama, tegesna kapapantaran urang dina sagala-galana
ulah rek pasea, sabalikna kudu rendah babarengan dina enggoning ngalakukeun
parentah agama jeung nagara, ulah jadi pacogregan pacengkadan, bisi kaasup kana
pangandika "Adzàbun Alìm", anu hartina jadi pilara salawasna, ti
dunya nepi ka akherat (badan payah ati susah).
Ka 3: Kasahandapeun ulah hayang ngahina atawa nyieun deleka
culika, henteu daek ngajenan. Sabalikna kudu heman kalawan karidoan, malar
senang rasana, gumbira atina, ulah sina ngarasa reuwas jeung giras, rasa
kapapas mamaras, anggur ditungtun dituyun kunasehat anu lemah lembut, nu matak
nimbulkeun nurut, bisa napak dina jalan kahadean.
Ka 4: Kanu Pakir jeung nu Miskin kudu welas, asih, someah
tur budi bersih, sarta daek mere maweh nganyatakeun hate urang sareh. Geura
rasakeun awak urang sorangan, kacida ngerikna ati ari dina kakurangan, anu
matak ulah rek kajongjonan, ngeunah dewek henteu lian, da pakir miskin teh lain
kahayangna sorangan, estu kadaring Pangeran.
Tah kitu pigeusaneun manusa anu pinuh karumasaan sanajan
jeung sejen bangsa, sabab tunggal turunan ti Nabi Adam as.
Numutkeun ayat 70 surat Isro, anu pisundaeunana kieu:
"Kacida ngamulyakeunana Kami ka turunan Adam, jeung Kami nyebarkeun
sakabeh daratan oge lautan, jeung ngarizkian Kami ka maranehanana anu aya di
darat jeung lautan, jeung Kami ngutamakeun kamaranehanana, malah leuwih utama
ti makhluk anu sejena".
Jadi harti ieu ayat, nyaeta akur jeung batur-batur, ulah aya
kuciwana.
Nurutkeun ayat tina surat Al-Maidah anu sundana: "Kudu
silih tulungan jeung batur dina enggoning kahadean jeung katakwaan terhadep
agama jeung nagara, soson-soson ngalampahkeunana. Sabalikna ulah silih tulungan
kana jalan perdosaan jeung permusuhan terhadep parentah agama jeung
nagara".
Ari sebage agama, saagama-saagamana.
Nurutkeun surat Al-Kafirun ayat 6: "Agama anjeun keur
anjeun, agama kuring keur kuring", surahna ulah jadi papaseaan, kudu akur
jeung batur-batur tapi ulah campur baur.
Geuning dawuhan sepuh baheula, "Sina Logor Dina Liang
Jarum Ulah Sereg Di Buana", lamun urangna henteu kitu tangtu hanjakal di
akhirna, karana anu matak tugenah terhadap badan urang masing-masing, eta teh
tapak amal perbuatanana.
Dina surat An-Nahli ayat 112 diunggelkeun anu kieu:
"Gusti Allah geus maparin conto pirang-pirang tempat, boh kampungna atawa
desana atawa nagarana, anu dina eta tempat nuju aman sentosa gemah ripah loh
jinawi, kari-kari pendudukna (anu nyicinganana) henteu narima kana nikmat ti
Pangeran, mangka tuluy bae dina eta tempat kalaparan, loba kasusah, loba karisi
jeung sajabana, kitu teh samata-mata pagawean maranehanana".
Kulantaran kitu, sakabeh murid-murid kudu arapik, tilik
jeung pamilih dina nyiar jalan kahadean lahir batin dunya akherat, sangkan
ngeunah nyawa betah jasad, ulah jadi kabengkahan, anu disuprih cageur bageur.
Henteu aya lian pagawean urang sarerea, Thoriqot Qodiriyah
Naqsyabandiyah, amalkeun kalawan enya-enya, keur ngahontal sagala kahadean
dohir batin, keur nyingkahan sagala kagorengan dohir batin, anu ngeunaan ka
jasad utama nyawa, anu dirungrung kupangwujuk nafsu digoda ku dayana syetan.
Ieu wasiat kudu dilaksanakeun kusadaya murid-murid, supaya
jadi kasalametan dunya rawuh akherat.
Patapan Suryalaya
13 Pebruari 1956
Ieu Wasiat Kahatur Kasadaya Ahli-ahli
Ditawis Ku Pangersa Guru
Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin
RANGGEUYAN MUTIARA
1. Ulah Ngewa Ka Ulama Anu Sajaman.
2. Ulah Nyalahkeun Kana Pangajaran Batur.
3. Ulah Mariksa Murid Batur.
4. Ulah Medal Sila Upama Kapanah.
5.Kudu Asih Ka jalama Nu Mikangewa Kamaneh.
Pangersa Guru Almarhum
Syekh Abdulloh Mubarok Bin Nur Muhammad
0 $type={blogger}:
Posting Komentar